diri nangling na waktu simpe basa kareta leupas tina rel sawangan ajeun meuraykeun imut dina gerbong-gerbong kanyaah waktu beuki mirorot basa kareta leupas tina relna, anjeun meuraykeun lamunan sabab cimata kabawa caah kareta beuki jauh tina relna statsiun beuki simpe. *** Cirebon,1995 puisi ieu dicandak ti dieu
-keur Miarti di Cirebon cenah mangsa lawas anjeun teu pernah nyangreud kamelang, najan diri cangcaya dina ligar mangsa, cenah anjeun moal jalir sabab malati mekar sagagang buktina ajeun kokojayan dina sagara jangji cenah anjeun mikamelang buktina anjeun ngajauhan. *** Cirebon, 1995 Puisi ieu dicandak ti dieu
Jang Udin, Mahasiswa Peternakan tingkat akhir keur jalan-jalan, kabeneran panggih jeung tukang ngangon domba bari dibarengan ku reueus, Jang Udin nanya: “Mang, kenging naros teu?” “Mangga aya peryogi naon aden?” cek tukang ngangon “Eta domba meni sarehat kitu, dipasihan parab naon mang?” “Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” tukang ngangon malik nanya. “Mmm anu … Continue reading
Komentarmu